sisindiran paturay tineung p2

Naskah sisindiran paturay tineung SMPN 2 Pameungpeuk Kabupaten Bandung.

( 4 urang  di panggung; saurang ngaringkuk bari diharudum sarung semu anu tiris, duaan keur metikan kangkung , nu hiji deui keur ngalamun semu nu binggung) 

P1: ( kanu diharudum p4) 

        Kayu bala kembang kerisan
        Ayana di pangikiran
        Dari pada baraya ka tirisan
        Mending urang sisindiran

P2: Enya ieuh....( bari nyigeung kanu keur diharudum p4)

       Mobil butut endut endutan
       Jalanna ka pasisiran
       Dari pada baraya nundutan 
       Mending urang sisindiran

P3: eh.naon (sebut nama p5) ngalamun wae

 p5: puguh ge

        Mencit meri dina rakit 
        Boboko wadah bakatul  
        Lain nyeuri ku panyakit
        kabogoh direbut batur

P3: oh kitu kutan teh, keun bae tong jadi pikiran jeung ngadon             
        ngalamun, kieu geura

        Dimana aya halimun
        Ayana dipasisian
        Dari pada ngalamun
        Mending urang sisindiran

P5: tapi keukeuh ieu teh teu bisa poho

       Air hangat air mendidih.        
       Cikalapa dina tangkalna
       Ari inget meni sedih
       Cimata maseuhan bantal
       (Hing... ceurik)

(P1,p2, p4 nyampeurkeun ngilu ngupahan)

 P1: gening meni mendalam kitu, geus sing kuat, anggur mah geura pasrah ka pangeran.

   Ka leuweung bade melak tomat
    Disarengan ku ki sobat
   Euweuh obat nu mujarab
   Iwal ti kudu solat

P2: sabar mudah mudahan buru buru aya gantina

P4: eh cuy itu saha? (Bari nunjuk ka wanoja nu ngaliwat)

P1, p2, p3, p5: mana....mana... mana?

P5: euleuh enya ( bari nyampeurkeun)

P6: (bari luwa lewe)

       Saung puspa aya tujuh
       Ekek paeh dina sujen
       Lamun suka geura pungguh
       Ulah daek kanu sejen

P5: alah leres eta teh neng? (Bari semu nu era, nutupan beunget ku sarung nu disolendangkeun)

P6: jauh jauh manggul awi
       Nyiar nyiar pimerangeun
      Jauh jauh neang abdi
      Nyiar nyiar pimelangeun
( tos kitu dut weh hitut)

P1: alah eta naon( bari neangan sora dina bujur p6)

        Ecet ecet oet oet
        Barudak ngarurek belut
        Kapelet maneh kapelet
        Ku eneng nu gede hitut
       (Bari nutupan irung)

P6: (semu nu era) alah eta mah teu kakemot, mangkaning aya ibu kepala sekolah, eh eta bu nina ge aya gening di pengker... isin ah( nyumput dina tukangeun pemeran nu lain)

P2: naha atuh ari kamu, tapi... lamun maneh bener bogoh ka p 6 sok kieu geura...

       Lamun maneh boga keris
       Sok paehan lauk hiu
       Lamun maneh bisa basa inggris
       Sok naon hartina I love you

P3: sok naon awas mun teu bisa isin atuh ku miss Rini anu nembe mulih ti australi.. ya miss..hello how are you?, bisa siah urang ge, urang mah moal ngerakeun bu nina.

p5: ( bari nyampeurkeun p6) 
       Euheumm....g

       Meni hayang buah manggis
       Menangna malah yuyu
       Iyeuh neng anu geulis
        Abdi I love you

P1: eh naha jadi ngalantur ieu teh. Hey, hey, hey,  pan urang teh keur aya dina acara paturay tineung, kasempetan urang anyeuna, ngabubarkeun dosa ka babaturan sareng ka bapak ibu guru.

P4 : muhun rumaos abi mah bedegong, seueur dosa ka (.... sebutan guru guru anu haradir) 

P2: muhun abi ge sami

       Boh bilih ngical kalapa
        Nyandakna nganggo carangka
        Boh bilih kalindih murka
        Mugia kersa ngahampura

P6: abi eun...

        hirup kumbuhan manusa 
        Tangtu kungsi haram jadah
         Kuring pasrah tumarima
         Laku lampah teu merenah

P5: muhun punten ka sadayana kana sagala kaalpaan abi sadaya.

P1, p2, p3, p4, p5, p6  ( babarengan)

         Saninten buah saninten
         Daun cau ditilepan
         Hapunten abi hapunten
          Kana sagala kalepatan

( sadaya pamaen turun panggung nyapeurkeun bapak sareng ibu guru kanggo sasalaman nyungkeun hapunten)






       
        

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng dua pahatu lalis" Hihid Kabuyutan"

sambutan pembina upacara dalam menghadapi un