Yuk ....kita belajar mendongeng dengan bahasa Sunda

Sakadang Maung Jeng Sakadang Landak
         Di hiji waktu  sakadang Maung anu keur anteng moyang bari nundutan dina batu ceper di hiji leuweung geledegan. keur anteng moyang manehna ngarenjag kagareuwahkeun ku sora anu datangna tina rungkun hareupeun nana."Saha eta?" ceuk Maung "abdi nun Munding" aya sora radeda semu nusieun ngajawab. "Munding? kaluar siah, nyaho maneh teh geus ngaganggu kasenangan kula?" "Punten da sanes maksad bade ngaganggu da ieu pun lanceuk saurna cilaka janten abdi rusuh hoyong geura manggihan" da memang harita salaki Munding dikabarkeur asup kana jungrang. " Kula teu hayang nyaho nanaon nu passti maneh geus nganganggu kasenangan kaula,kaula jadi nafsu kieu... maka maneh kudu tanggung jawab makaning lamun kaula nafsu sok jadi lapar. Kadieu siah urang dahar ku kula". Ampun Nun hapunten abdi, mangkaning abdi nuju kakandungan bulan alaeun deuih kinten saminggu deui baris ngalahirkeun, cing karunya ka abdi, pasihan kasempetan pun anak lahir heula ka ieu dunya" Geug ku kula dibere waktu saminggu tapi ke moal aya ampun jang maneh. Emmmh tapi sigana anak maneh bakal leuwih pulen nya? geus eweh tuwar tawar deui minggu hareup eta budak baris dihakan." kadituh nyingkah saacan kaula robah pikiran" Munding anu teu bisa kumaha  kumaha deui kapaksa ngaleos bari binggung.
        Saminggu anu ditunggu ku Sakadang Maung akhirna datang Maung geus teu sabar hayang geura ngasaan daging Eneng(sesebutan keur anak munding) anu beureum, amis, rangu jeung hipu.Akhirna manehna indit rek neang nu dimaksud.
          Di tempat lain Munding ngabangingik ceurik tarik maratan langit ku sabab ngarasa meni nalangsa nalangsa teuing. Sora ceurikna tepi ka ceuli sakadang Landak. Ngarasa panasaran Landak ngajugjug ka tempat datangna eta sora. Tepung weh jeung Munding " Kunaon meni siga nu kanyeyeurian kitu? ceuk Landak nanya ka Munding. Derekdek weh Munding nyaritakeun sabab musababna. "Oh kitu, tong hariwang kula baris nulungan sok engke lamun Maung kadieu anjeun kudu siga nu pasrah mikeun si Eneng tunjukeun katempat anu poek nu imah anjeun kuring rek ngaringkuk didinya trus sebutkeun ngarah manehna ngadahar eneng sakaligus tong saeutik saeutik tah geus kitu mah tugas kaula, nya" Munding unggeuk tanda ngarti.
          "Aung...aung Munding di mana maneh? Kula teu kuat geus lapar nyeuh" kadenge sora Maung di kajauhan. Sakumaha anu direncanakeun Munding Nyampeurkeun bari ijab masrahkeun anakna "Mangga Nun nyanggakeun abdi mah tos pasrah, tapi abdi aya pamundut ke pami nuang pun anak tong digegel sakeudik- sakeudik langsung selegemkeun weh sabab kaula teu tega ngadenge ngajeritna." Nya keun tapi di mana?" Maung nanya panasaran. "Itu palih ditu" Munding ngajawab bari nunjuk kanu poek.
         "Oh... hiji dua tilu langsung landak anu disankga eneng di legleg atuh teu antaparah deui Maung ngagerung kanyeyeurian ku sabab katojos ku cucuk landak anu rangeteng. Sungut Maung baroboran getih, gegerelengan nepikeun ka paehna.Geus paeh kurumuy landak kaluar tina sunggut Maung.
           " Aduh Landak nuhun pisan nya mun teu aya Landak mah geus kumaha nasib si eneng teh.Munding nganuhunkeun bari acong acongan tanda syukur". Geus tong adi pikiran da eta mah geus tugas kaula nulung kanu butuh nalang kanu susah. Jaga si eneng nya".


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dongeng dua pahatu lalis" Hihid Kabuyutan"

sisindiran paturay tineung p2

sambutan pembina upacara dalam menghadapi un