Postingan

Menampilkan postingan dari 2011

Yuk ....kita belajar mendongeng dengan bahasa Sunda

Sakadang Maung Jeng Sakadang Landak          Di hiji waktu  sakadang Maung anu keur anteng moyang bari nundutan dina batu ceper di hiji leuweung geledegan. keur anteng moyang manehna ngarenjag kagareuwahkeun ku sora anu datangna tina rungkun hareupeun nana."Saha eta?" ceuk Maung "abdi nun Munding" aya sora radeda semu nusieun ngajawab. "Munding? kaluar siah, nyaho maneh teh geus ngaganggu kasenangan kula?" "Punten da sanes maksad bade ngaganggu da ieu pun lanceuk saurna cilaka janten abdi rusuh hoyong geura manggihan" da memang harita salaki Munding dikabarkeur asup kana jungrang. " Kula teu hayang nyaho nanaon nu passti maneh geus nganganggu kasenangan kaula,kaula jadi nafsu kieu... maka maneh kudu tanggung jawab makaning lamun kaula nafsu sok jadi lapar. Kadieu siah urang dahar ku kula". Ampun Nun hapunten abdi, mangkaning abdi nuju kakandungan bulan alaeun deuih kinten saminggu deui baris ngalahirkeun, cing karunya ka abdi, pasihan k...